Ku :
Khairul Fridarmawan
Jawa Barat mangrupa salasahiji provinsi nu
aya di pulo Jawa, salian ti Jawa Timur jeung Jawa Tengah. Kawéntar ku soméahna
suku Sunda, jeung éndahna kaayaan alam nu matak tiis ceuli herang panon,
éstuning matak genah, betah, jeung pangbeberah nu keur susah. Ciri khas unggal
daérah di provinsi Jawa Barat bakal katangen saupama urang mapayan hiji-hiji,
boh ti widang kabudayaanna, kulinérna, jeung kaasup tempat wisatana. Di Jawa
Barat loba pisan nu masih nyekel pageuh adat jeung tradisi titinggalna, ku
kituna loba daérah di Jawa Barat nu bisa dipanggihan kénéh nu ngaranna kampung
adat. Diantarana waé di kabupatén Bandung aya kampung Mahmud nu aya di
kecamatan Margaasih, jeung kampung Cikondang nu aya di daérah Lamajang kecamatan
Pangaléngan. Aya kampung Cireundeu nu aya di Cimahi kalayan kasohor ku
kadaharan serba sampeuna, kampung Kasepuhan Ciptagelar di Kabupatén Sukabumi,
kampung Naga di Tasikmalaya, kampung Pulo nu aya di Garut, kampung Kuta di
Ciamis, Jrrd.
Lian ti tradisi
ngeunaan adat istiadat, di Jawa Barat ogé kasohor ku kulinér atawa kadaharan
khas ti daérahna séwang-séwangan. Saupama urang ka Bekasi, aya kadaharan nu
geus kasohor kulinér nu ngaranna gabus pucung, ka beulah wétan saeutik aya
kabupatén Karawang nu kasohor ku kadaharan hasil olahan béasna nya éta opak
Cibuaya, jeung Surabi Héjo. Ka beulah kulon Karawang aya Bogor anu katelah ku
taleusna, jeung asinan Bogor. Ngésér ka kidul aya Sukabumi nu kasohor ku
mocina, ka kaléreun Sukabumi urang bakal nganjang ka Cianjur nu kasohor ku
tauco jeung béas pandan wangi khas Cianjur. Di wilayah Priangan Timur aya
daérah Sumedang, Garut, Tasik, Ciamis. Sumedang nu kasohor ku tahu Sumedangna,
Garut nu kasohor ku dodol jeung burayotna, Tasik nu kasohor ku kulinér
kolontong jeung kupat tahu Singaparna, Ciamis nu kasohor kulinér pindang gunung
jeung galéndona. Lamun dipapayan hiji-hiji kalayan gemet, tangtuna loba kénéh
kulinér khas daérahna, malah sakitu téh can dipapay ti sakabéh wilayah.
Pesona ti Provinsi
Jawa Barat téh henteu sakitu waé. Loba pisan hal-hal gedé nu matak ngirut keur
dipikanyaho ku urang. Tapi hal gedé moal aya jeung karasa saupama teu
dibarengan ku hal-hal basajan. Hal-hal basajan ieu anu hanjakalna sok teu
kapanggih atawa dipikanyaho ku masarakat. Malah hal-hal gedé ogé bisa nyampak
tina hal-hal nu leutik atawa basajan. Nu jadi puseur panitén dina hal ieu nya
éta lambang daérah ti unggal daérah di provinsi Jawa Barat. Dina enas-enasna
lambang daérah téh ngalambangkeun pangarepan sarta cita-cita daérahna. Teu
saeutik lambang daérah anu nétélakeun sajarah nu aya di daérahna éta sorangan.
Lambang daérah ogé loba anu ngalambangkeun poténsi alamna, sarta digambarkeun
tétéla pisan. Aya nu écés ngagambarkeun gunung, walungan, situ, laut,
pasawahan, jeung kekebonan. Éta kabéh mangrupa sarana pikeun nepikeun yén nu
jadi kaunggulan ti daérahna téh geus kaunggel dina lambang daérahna sorangan,
sarta kudu dipiara, dipupusti sarta dijagi-jagi ku masarakat jeung sakabéh
pangeusina. Pamungkas, dina lambang daérah téh kaunggel semboyan nu dijieun
sarta diwangun kalayan ngaliwatan prosés mikir anu asak. Semboyan ieu anu
miboga peran pikeun méré gambaran singget tina idéntitas daérahna.
Salasahiji tina 27 daérah
di Jawa Barat, nya éta Kota Bandung. Bandung Kota Kembang katelahna, nya éta ibukota
Provinsi Jawa Barat jeung
mangrupa Kota panggedéna katilu sanggeus
Jakarta jeung Surabaya. Salian ti puseur tina
kagiatan nu aya hubunganana jeung pendidikan, Kota Bandung téh kasohor ku kleup
maén balna, nya éta Persib. Dina logo Persib, urang bisa ningali aya lambang
daérah Kota Bandung. Lambang daérah Kota Bandung téh boga semboyan anu unina Gemah
ripah wibawa mukti, éta boga harti yén Kota Bandung téh boga taneuh subur nu
bisa nyiptakeun kaayaan rahayatna anu makmur.
Tina lambang daérah Kota Bandung teu kabéh jalma nyaho
yén sabenerna lambang Kota Bandung téh salian ti idéntitas ogé euyeub pisan ku
alaeun. Pék urang titénan nu aya dina lambang kota Bandung. Lambang Kota Bandung
bentukna perisai nu nyarupaan jantung. Perisai éta dibagi jadi dua ku
balok-lintang nu meulah lempeng ti kenca ka katuhu, lobana aya opat jeung
warnana hideung sarta dilis bodas (hérang warna pérak). Di beulah luhur di
warnaan dasar konéng semu deukeut ka warna emas, nu dipapaés ku gambar gunung
nu warnana héjo, napak kana blok-lintang nu meulah jadi dua bagéan téa jeung di
bagéan handapeun balok-lintang dibéré warna dasar bodas (hérang warna pérak)
dipapaés ku gambar opat widang nu luak léok anu nyarupaan cai meulah ti kénca
ka katuhu. Handapeun perisai diwuwuhan pita warna konéng semu deukeut ka warna
emas nu tungtungna digambarkeun kawas bandéra nu ngélébét. Dina pitana
ditulisan semboyan maké latin kapital nu warnana hideung dina basa kawi, nu
unina Gemah Ripah Wibawa Mukti. Lambang Kota Bandung digambarkeun dina wangun
perisai atawa tameng, nu dipikawanoh ku kabudayaan jeung peradaban mangrupa
pakakas perang nu tujuanna nangkis serangan ti musuh jeung ngalindungi nu
makéna. Pakakas perang ieu dijadikeun lambang nu hartina nahan sakabéh bahaya.